Tampilkan postingan dengan label Fiksi Mini. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Fiksi Mini. Tampilkan semua postingan

Selasa, 02 Juli 2013

Fikmin #Manéhna#




"...Abégé tua, tingkahmu semakin gila..." manéhna ngagéol metakeun panyanyi dangdut nu keur manggung. Sukuna nu katuhu ditaékeun kana dipan, kalangkang buukna nu ngombak banyu ririaban na palang dada.
Bari lalanggiran kuring nyéréngéh, ningalikeun.

"Hu..h! Masih mau digoyang?" Manéhna ngelétan bari leungeun katuhuna nyolodor, metot kuring, sina nangtung. Kuring merod.
"Ah ayah mah..." manja, manéhna ngagarieng, tapi tuluy hanjat kana kasur, ngarangkul punduk. 

Peuting beuki simpé. Kararas jeung sasatoan peuting ngadedempés lir méré lolongkrang kana keteg jajantung nu beuki ratug. Jero sirah kukurilingan haroshos manéhna, ngaléléwaanan.
"Hayu atuh Aa..."

Kacahayaan bulan nu moncor tina érang-érang jeung carangcanga bilik kamer, balati gugurilapan na luhureun bantal , nutupan sirah manéhna nu baloboran.

Rabu, 27 Maret 2013

Nu Balik ti Panyabaan




Ceu Néndén geus anjeucleu, diuk dina motorna nu distarndarkeun. Tayohna geus rada lila nungguan. Seukeut neuteup kuring nu karék anjog. Teu katémbong kasono dina teuteup, sikep jeung ucap-ucapanna, najan leuwih ti lima taun teu panggih jeung kuring, salaku adina. Enya, geus béda. Ceu Néndén geus kapanggih hirupna. Salakina geus diangkat jadi PNS. Imah pageuh kandaraan boga, hirup taya kakuranganana.

"Tah ka lebah dinya...!" Curukna bentik, nunjuk ka lebah tégalan nu rembet.

Ngaléngkah bari rambisak, ngasruk nyuay-nyuaykeun eurih nu lantis ku cihujan. Dipirig réangna sasatoan nu marulang tas bubuara. Layung ngempur na sela dangdaunan. Kuring anjog ka lebah tangkal kiara. Angin ipis ngahiliwir, langit bengras, manuk-manuk sukan bungah. Tapi hatékuring muwuh asa disiksik. Kasedih, kapeurih, kahanjelu, ranceb nusuk jajantung. Nyegruk nyaluuh kana pajaratan indung nu ngajembrung.

Minggu, 17 Februari 2013

KASURUPAN

Teu jiga tisasari. Poé ieu, pasar tiiseun. Tengah poé ngan hiji-dua nu ngalalar. Pamajikan ngaléos ka musola. Di jongko tinggal kuring jeung Isah, pagawé anyar. Asa aya kasempetan, gap ramona dicekel. Males ngarames. Asa dihatéan, leungeuna ditarik rék dicium. Can gé atel. “Ehem!”. Pamajikan ngadéhém, tukangeun. Deg. Jajantung asa dicentok. Teu lémék, teu nyarék, pamajikan ngadongkang laci, laju balik deui ka musola. Wanci Isa, ngawani-wani balik. Geus dikoncian. Keketrok, panto euwueh nu muka. Teu antaparah, gerebeg api-api kasurupan, mamacanan. Gegerem. Awak dadapangan, panon diburial-buncelikeun. Teu gaplah. Pamajikan kaluar, rawah-riwih. Tatangga rabul, malah aya kokolot sagala. Rék dicerek ku opatan. Kuring ngejat bari ngagerem handaruan. Nyingsieunan. Orokaya, ngejat tarik teuing, sirah neunggar pager beusi. “Aduh!”. Sirah jangar. Panon reumbay. Ras inget keur kasurupan. Bari muringis, gegerem deui. Kokolot nu rék ngubaran kalah mesem, ngaléos, dituturkeun ku tatangga. Ting séréngéh. Baralik. Pamajikan jebi, ngaléos ka jero dituturkeun ku Isah.


Kamis, 14 Februari 2013

Fiksimini Sunda #Durbala#



Nyud! Urat pajuranteng jero babatok sirahna asa dikenyang satakerna. Jangar! Panon asa nolol dipeureumkeun. Nahan kanyeri bari nginget-nginget naon nu geus kajadian. Sirah kalah beuki lungleng, muter. Awakna kakalayangan na méga, mongkléng. Les kapiuhan, teuing sabara lila. Nyay. Na pikiran, aya cahya nyampeurkeun, ngelemeng. Beuki deukeut, beuki écés, antukna bray. Panon beunta. Néon na Lalangit, moncorong. “Aing di mana?” Uteukna ngararampa. Tek, tek. Sora jam béker. Luhureun méja, gigireun. “Jam sabaraha ayeuna? Beurang atawa peuting?” Rék nguniang, sakujur awakna asa teu tulangan. Sirahna beurat. Reup peureum deui. Bréh, botol arak balatak luhureun méja. Sakeupeul pél beureum diteureuy. Bréh deui. Balik ngantor, ngajanteng na téras imah, molohok nénjo pamajikan keur ngagaléntoran lalaki, dina sofa. Ngaléos, muru kafé. Jajantungna asa didudut. “Gusti...! Naon lepat abdi?”

Kulutrak. Disusul sora léngkah ngadeukeutan. Pamajikanana. “Akang geura damang...” Teu kireum-kireum, ngusapan.

Sabtu, 09 Februari 2013

Fikmin #Nohonan Jangji#



Ninja beureum digebér. Suat-siet, teuing sabaraha puluh kandaraan kasiap. Sareupna. Angkeub beuki meredong. Hareupeun, beus ngarayap, tanjakan mayat. Haseup ngeplek tina knalpotna. Dina gigi opat, gas dikenyang satakerna. Nyiap. Mesin beus ngahéang, héabna ngusap awak. Dada beuki didepongkeun, gas terus dikenyang. Beus kasiap, orokaya tikungan ngenca ngabongohan, treuk toronton, mapag hareupeun. Toot..! Sora klaksonna. Lenyap, haté méotan, jantung ilang ketegna. Dédéngéan ngadadak réhé, sirah ngabeuratan, téténjoan poék. Teu inget di bumi alam. Gurinjal, Hudang. Jantung ratug, késang ngagarajag. Gigisik, ngumpulkeun pangacian. “Alhamdulilah, Gusti, ngan ukur ngimpi”. Rét kana jam. Satengah opat soré. Inget boga jangji, gira-giru ganti pakéan, teu mandi heula. Ninja beureum distater. Haté ngageter. Geuleuyeung mapay gang lalaunan. Gok, anjog ka jalan aspal. Teu kanyahoan. Ti béh kénca treuk hayam, oléng. Sérépét, jegér!

Kamis, 24 Januari 2013

Di Silent


Ku Irfan El Fikr

Ti isuk-isuk kénéh dangdut geus ngageder. Jalma-jalma maké warna baju sarua minuhan lapang. Aya nu jogéd, nu ngabagikeun akua gelas jeung senék, nu caringogo bari udud ogé loba. Di panggung biduan nembang bari teu kaliwat ngagéol jeung ngagitek, diselang ngagorowok, “Hidup Ki Puyuh!”. Wanci pecat sawed, hawa beuki nyongkab. Sreg. Saurang jurkam maju. Leungeun katuhu geus ngeupeul rék diacungkeun, tangtuna baris dituturkeun ku nyebut “Hidup Ki Puyuh!”. Orokaya, méméh manéhna nyorowok, jempol uing leuwih singer mencet silent. Jep.

Fikmin # Tukang Tahu #


Wanci lingsir. Pihujaneun geus ngagarayot, sabregbregeun. Mang Juha kakara réngsé nyitak tahu, Bi Ėom kakara bérés gégéroh. Wanci kalangkang satangtung , paralak, paralak! Cihujan, sagedé kadelé lir nu diawurkeun ti langit. Deregdeg Bi Ĕom ka buruan, nyait papakéan. Bélaan kancah eusi minyak jang ngagoréng tahu ditinggalkeun. Mang Juha teu éléh pakpikpek. Sieun kabancuh. Ngasup-ngasupkeun suluh, ngampihan Si Jago. Belaan ninggalkeun béca nu keur didangdanan ranténa.
Di kamer. Anakna , jajaka. Lalanggiran, jongjong maén PS.
Tengah peuting. Bi Ėom jeung Mang Juha miang ka pasar. Sarung diharudungkeun. Bi Ĕom leumpang diiringkeun ku hégakna béca, ngarayap na tanjakan Piadeu. Kaléng tahu, tinggerendeng jeung baturna, nyemplékan simpéna janari. Ramo suku Mang Juha, teu disendal, tipepereket nyoco aspal nu semu lésang, ditiban hujan ti soré kénéh. Nyorong beca.
Sora knalpot nu dibobok, ngadorotot. Ti mumunggang Piadeu. Motor nyemprung. Guluang-galéong. Jedak! Neunggar trotoar, lima léngkah hareupeun Bi Ĕom. Kerejet, kerejet! Hos. Anakna ngaleupaskeun nyawa.

Senin, 21 Januari 2013

Fikmin #My Salwa My Palestine#



Sakuliah Palestina ngarasakeun kumaha balukarna resolusi PBB ngeunaan “Pembagian Wilayah”. Zionis ngokop saban wewengkon kaasup Ardalah. Tilu wargana tiwas, pon kitu deui bapana Yousif.
Ardalah éndah pareng halodo. Hawa seger nebak zaitun, anggur, jeruk ngaremploh lebakeun pasir nu ngabungking. Tapi cakueum pikeun Yousif. Can gé tujuhna dikantun rama, der Salwa, mojang geulis bébéndéna, bakal dikawinkeun Poé Minggu.

Garéja Ortodoks Roma pinuh ku kulawarga pangantén, galumbira. Di altar, Salwa alum nyanghareup ka pisalakieunnana, diapit Pastor Samaan. Na bangku pangtukangna, Yousif tungkul nahan peurih jeung timburu, nyaksian panutan, ditikah batur.
Pastor méré isarah. Gareja simpé. Dua pananganna nu nyepeng Injil diangkat, seja macakeun ijab. “Sateuacan kuring nikahkeun ieu pangantén, numutkeun aturan, mangga bisi aya nu teu panuju kana ieu pakawinan, sok unjukan”. Sajongjongan Simpé. Hidmat.

“Kuring teu satuju!” Gareja peupeus. Yousif leumpang nyampeurkeun altar.

Minggu, 20 Januari 2013

Fiksimini # 2070 #


Ku Irfan El Fikr
"Prtteung! pirta pat kurtakang", ceuk Josh. Lumpat. Selebrasi pamaèn bal nu tos ngagolkeun. Kacamata PS Virtual Z, mèh lesot tina sirahna. Kuring ngarhuh. Lain ku polah budak, lain ogè ku tèhnologina, ngan èta ku bahasana nu beuki teu kaharti. Teu karasa berebey cipanon nyalangkrung na pipi karidut. Teu kawawa, ngolèbat deui kajadian baheula genep puluh taunan ka tukang. Harita, Taun 2013, mangsa pamarèntah nu ngawasa ngaleungitkeun Bahasa Daerah tina kurikulum. Ti harita, Basa Sunda pikawatireun nasibna, ti taun ka taun kalindih ku mangrupa-rupa bahasa, malah ka
bèhdieunakeun loba bahasa anyar. Bahasa lir modeu, gunta-ganti saban wanci. Sakalieun dipaparin umur panjang, kuring dianggap pireu

Kamis, 17 Januari 2013

Pahatu

Ku Irfan El Fikr

Angin lirih malipir, kingkin. Ramat nu geus ditinggalkeun lancahna, pajuranteng unggut-unggutan luheureun hawu, ngemu kabingung. Sééng jeung katél, nyangkéré. Pabéasan calangap, téténong nyempod. Beueus bau supa tina lebu jeung hawu nu laas kahuru, nyambuang minuhan rohangan dapur.
Na palang dada nyangheuy tungtung tambang nu nganteng tina talang.
"Ema... lungsur, ujang lapar..."
Leungeun Kuswara ngageubig-geubig suku Indungna nu ngagantung.

Jumat, 11 Januari 2013

"Ratna"


Ku Irfan El Fikr
Rambut kulawu, soca celong, cileuyeu. Tulang damis naronjol, kumis rogok, lambé
bareulah. Nu nyaangan, ukur cahya nu ranteng tina lolongkrang bilik nu carang, nganteng nyorot borelakna kekebul nu nyambuangkeun hapeukna kamar.
Waruga Arya nu kantun tulang, ngajepat disimut bodas salursalur hideung. Lalaunan lambéna ngunyem, disarengan ku gilirna soca méré isarah ka Indungna. Aya nu badé didugikeun rupina. Ma Iyom surti, nyaketkeun cepil kana Lambé Arya bari ngusapan rambut putrana deudeuh pisan.
Teu kawawa cisoca Ma Iyom murubut ngahujanan waruga nu nembé ngaleupaskeun nyawa. Ngaleupaskeun saniskanten siksa batin nu salami dua taun ieu disidem di lebet dadana, disimpen minuhan kamerna, ku asma hiji wanoja nu salami ieu mapaesan lambéna.

Jumat, 20 Januari 2012

Sabada Hujan Pasosoré

Pasosoré bada hujan. Langit béngras, méga bodas jiga kapas, ting alabring ka kulonkeun.
Enung jeung Adul dariuk na babancik sisi sawah. Angin malibir, ngusap kararas, gigireun rungkun juru kotakan beh kidul. Reumis ngagaréndang, tinggurilap lir permata kasorot panon poé nu séséléké dina daun cau nu rarawis. bancet récét, papatong jeung kukupu aleuntreup na kacang ...panjang na galengan. Manuk piit ucang-uncang na gagang pare nu ngemploh hejo.
Bari tungkul, Ramo Enung ngopepang ngomé tungtung baju. Pameunteu alum, cipanon ngawahangan na juru mata.
'kang...',
Haroshos méh teu kadéngé .
Adul ngalieuk. Neuteup bari haté ratug ningal galagat bébéné nu teu biasa.
“Kumaha Nung?"
Adul daria ngahaminan. Diukna ngised semu nyanghareup. Gap, ramo Enung nu di renggeum. geugeut.
anging leutik ngahiliwir, memetot buuk Enung nuhideung meles.
ramo Enung nu ngalancip eurih malik ngarames ramo Adul. Teu kungsi lila awak Enung ngagibrig lir nu panas tiris, cipanon murubut maseuhan pingpingna, bari nyegruk Enung nyarita,
“'Tos sasasih abdi ngandeg kang...”
@banjar2011

Pamajikan TKW

Peuting jempling réhé combrék. Lembur kuring ngajéngjéhé teu empés-empés. Bulan sapasi sakali-kali méletét na sela-sela méga kulawu. Angin ting gilisir mamapay eurih ngahudangkeun kararas, tingkulisik, ting keresek, ngeundeuk-ngeundek daun kalikiria;bauna ngeteyep ngaliwatan liang bilik kamer.
Geus lila gaang teu ngéar, tinggal cihcir silih udag na tangkal loa. Embé ngabérélé di tungtung lembur, sisi sawah. Haleuang bueuk na tangkal waru, pipir imah nanambah simpé haté.
Lamat-lamat sora jentréng kacapi dina radio transistor dalapan ban, di imah tatangga, ngoétan haté, nyeuseuit ati. peurih.
Bari ngais budak nu gering panas tisareupna keneh, cipanon teu wasa ditahan. reumbay. Haté ngajerit,
”Jungjunan, iraha mulang?”

Hanas

Ti Wulan aya nu nyirorot buburicakan. Teu sirik najong gelas cikopi nu disanghareupan, kuring lumpat bari tatanggahan. Nu nyirorot atrat katojo cahya wulan kebat ka lebah astana. Poho kasieun pikir jimat pédah malem jumaah, beretek lumpat lir singa ngudag kijang.
Usaha teu mubah méméh nu nyirorot neumbrag lemah leungeun geus namprak, nyanggap.'jéprak!' saking tarik nuragrag sada nu beulah, nyatana ngabayabah, cepel tur baseuh, ngaleméréh kana pigeulangan. teu kungsi lila aya sora tan katingal,
" Hihihi...Kop tampanan podol ucing uing!"
Sora nini nyirihil.

@banjar2011

Teu Walakaya ( Akhirnya Versi Sunda)

Kukitunamah uyuhan hirup kénéh gé. Ungal waktu disiksa, unggal mangsa dikakaya. Diawur mah diawur ngan kumaha bisa ngahuap ari dikungkung mah. Saking ku teu kuatna malah kungsi rék nelasan diri ku ngagantung karep na tangkal jéngkol pipireun imah. Ngan untungna ka tangén ku Mang Juha nu rék nyadap. Bedo wé antukna.

Timangsa ka mangsa awakna beuki ngorotan, tatuna beuki gudawang. Di kamarna, ramat ting karayap na tembok pulas biru campur lukut. Bau supa, hangsuer, koweh jeung bau awakna campuh parebut tempat dina pangambeu. Manéhna ceurik balilihan. Kalan-kalan seuseurian sorangan, keukeuleuweuhan, ngobrol sorangan.

Kolémbar deui saurang wanoja, maké dangdanan pangantén, ngjingjing gobang. Digéndéng saurang lalaki. Imut ngagelenya, leumpang kahareupeun manéhna. Bari keclas gobang ditigasken keuna pisan kana haté manehna.
Barawak!.
Tatuna nyiklak dui, gudawang deui. Jerit manéhan ngajerit. Ceurik balilihan.

"Téga anjeun jungjunan! Tega! Anjeun sulaya! Naon atuh dosa akang jungjunaaaan!"

Brak!
Panto kamerna muka. Indungna ngajerit, terus kapiuhan. Lanceuk awéwéna ngocéak bari nangkeuup suku adina nu ngagantung.
Asep Opat taun nandangan gering batin, perlaya digantung karep ku kapeurih di tingal kawin bébéndéna. Teu basa, teu carita.

Akhirnya

Sejauh ini masih bertahan juga sudah terbilang kuat. Tiap waktu Ia tersiksa, stiap saat  Ia dianiaya. Selera makannya  hilang, badannya semakin kerontang. Bahkan satu waktu, saking tak tahannya dengan segala siksaan dan kepedihan, Ia memutuskan untuk gantung diri di Pohon Jengkol di belakang rumahnya. Untung saja saat itu, Mang Juha yang akan menyadap Nira, menemukannya. Ia gagal bunuh diri.

Waktu kewaktu terus berjalan. Kondisi fisiknya terus melemah. badannya semakin kurus saja. Di dalam kamar, sarang labalaba merayap-rayap di segenap penjuru. Bau tembok yang lembab, bau jamur, pesing dan bau badannya yang sekian lama tak terkena air, memburu berebut penciuman. Ia menangis histeris, tersedu. Kadang juga teratawa sendri, berteriak-teriak dan ngomong sendiri.

Kembali, seorang gadis dengan gaun pengantin putih, menjijing sebilah pedang. Digandeng seorang lelaki menghampirinya.

Cap! Pedang di tibaskan tepat ke jantungnya, dan lalu pergi bergandengan meninggalkan luka yang semakin mengaga di jantungnya, perih, pedih. Dan ia histeris, menjerit, menangis tersedu. Dengan sisa suaranya yang payah ia berucap.

"Enkau tega kasih! Kau begitu tega! Kamu telah ingkari janjin kita kasiiiiih!"

                                                                                             ***
Brug!
Pintu kamar di dobrak dari luar. Ibunya menjerit, lalu pingsan. Kaka perempuannya meratap pilu di kaki adik lelakinya yang menggantung diri dikamarnya.

Empat tahun menahan kepedihan batin Asep tak kuasa bertahan lebih lama. Ia tewas gantung diri dengan mendekap derita khianat cinta. Kekasih menikah dengan lelaki lain. Tanpa kabar tanpa bicara sebelumnya.

Tunggara

Ngahérang neuteup lalangit kamer. Bruh-bréh lalampahan nu geus kasorang. Leketey haténa ngaleketey nalika inget kana kajadian tadi subuh.

Angin ipis nebak dangdaunan, ting kulisik. Bancét récét, jangkrik ngingkring, kalan-kalan sora buek disada na tangkal waru sisi kulah. Na luhur dipan Nining banjir cimata, teu wani bekas, beungeut di suksrukkeun kana bantal. Bohlam lima wat nu geus teu hérang deui belingna, kakalicesan jiga nu rék pareum.

Peuting beuki jempling, Angin jiga nu eureun ngarenghap. Bancét teuing kamarana, pon nyakitu deui buek teuing kamana losna. Tapi haté Nining beuki asa disosoék, pikiran pagaliwota, tingceuleuweung tingkoceak, antukna Nining anjog ka biwir gawir. Jiwana teu mampu nahan kasedih, sukmana teu kuat nahan kapeurih, pikiranna teu bisa leupas miceunan gambaran-gambaran kalakuan bapa téré tadi subuh ka dirina, sanggeus nganteurkeun indungna ka pasar. Haroshos ambekannana, rogok kumisna, ranggeuman ramo-ramo kasarna karasa lir hinis nurihan sakujur awakna.

Kapeurih Nining beuki ngajadi, mana bréh kagambar indungna, luat léét késang néangan kipaya di pasar, demi manéhna, demi bapa téréna nu teu boga gawé.

Teu kawawa nandangan tunggara, Nining ngajerit maratan langit, bari neunggarkeun sirah kana tembok kamar satakerna. Nining palastra guyang cimata.

Tepang Lébah Pengkolan

Lebah pengkolan kuring amprok jeung manéhna téh. Wanoja, kembang désa anu jadi parebutan para pamuda, lain ukur ti désa kuring tapi ti mana-mendi. Kuring sorangan geus rada lila neundeun haté ka manéhna

Lebah pengkolan, gas dilaonan, awak semu médéng ka katuhu. Teuing kumaha mimitina, ingetinget,"Dug!" Sora tarik naker. Satuluyna kuring teu inget nanaon.
Hawarhawar kadéngé sora nu humaregung, sora awéwé, gigireun. Najan sirah lanjung, jero dada asa dipeureut, maksakeun beunta. Bréh, Néng Yéni, kembang désa, wanoja nu dipicamcam ngagolér gigireun, tarang baloboran getih, irung jeung juru biwir nyakitu deui, panon buburilengan, awakna ngagibring jiga nu setep.
Les. Kuring teu inget di bumi alam.
@Banjar januari 2012

Arsip Blog