Sabtu, 09 Februari 2013

Fikmin #Nohonan Jangji#



Ninja beureum digebér. Suat-siet, teuing sabaraha puluh kandaraan kasiap. Sareupna. Angkeub beuki meredong. Hareupeun, beus ngarayap, tanjakan mayat. Haseup ngeplek tina knalpotna. Dina gigi opat, gas dikenyang satakerna. Nyiap. Mesin beus ngahéang, héabna ngusap awak. Dada beuki didepongkeun, gas terus dikenyang. Beus kasiap, orokaya tikungan ngenca ngabongohan, treuk toronton, mapag hareupeun. Toot..! Sora klaksonna. Lenyap, haté méotan, jantung ilang ketegna. Dédéngéan ngadadak réhé, sirah ngabeuratan, téténjoan poék. Teu inget di bumi alam. Gurinjal, Hudang. Jantung ratug, késang ngagarajag. Gigisik, ngumpulkeun pangacian. “Alhamdulilah, Gusti, ngan ukur ngimpi”. Rét kana jam. Satengah opat soré. Inget boga jangji, gira-giru ganti pakéan, teu mandi heula. Ninja beureum distater. Haté ngageter. Geuleuyeung mapay gang lalaunan. Gok, anjog ka jalan aspal. Teu kanyahoan. Ti béh kénca treuk hayam, oléng. Sérépét, jegér!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog