Senin, 18 Februari 2013

(08) DI NAGRI DANGDUT (Godi Suwarna)



trijata, urang ukur bisa jogéd bari lanjung
da di dieu musik dangdut sumedeng ngemprung mamarung
sanggeus panggung ti dayeuh manjang ka kampung
paranti nu parebut pais angin, seupan batu jeung kucubung
di nagri nu hajat rongkah ngagelar-gelar kabingung
kecap jeung peurah kalimah jadi rupaning hariring 
tinghaleuang silih simbeuhan mémérang

trijata, urang ukur boga éngklak katut gitek
ngaréngkénék peureum-beunta ngararasakeun cimata
dina gunta-gantina rumpaka nu diumbar ku paradiva dadakan 
ku nu ngiriditkeun jangji, ku nu keur ngobral kaceuceub 
nu ngabudah dina headline, nyolong lolongkrang frametime 
wirahmana atung énéh matak malitekkeun cangkéng 
muntir-muntir sarah sirah méméh bedah jadi utah

trijata, horéng ukur imbit anjeun lenyepaneun
margi bunder langkung beuneur batan jangji politisi
jeung sakabéh komposisi sanggian bubuleud peureup
singhoréng eundeur pinareup langkung ngageterkeun kalbu
batan lagu kabangsaan nu kapireng didangdutkeun ku team sukses
basa anjeun lelet ngebor muter-muter parabot anti monétér
nagara manjing gumiwang, jalan panjang narawangan 

(0



Sajak Godi Suwarna 

Saeutik Ngeunaan Filsafat Aristoteles


Filsafat Aristoteles ngembang dina tilu sampalan. Nu kahiji nyaéta waktu masih kénéh diajar di Akademi Plato waktu gagasanna masih deukeut jeung guruna, tuluy waktu ngungsi, jeung nu panungtung sawaktu manéhna mingpin Lyceum ngawengku genep karya tulisna nu ngabébérkeun masalah logika, nu dianggap sabagé karya-karyana nu pan pentingna, salian pangdeudeulna dina widang Metafisika, Fisika, Etika, Politik, Ilmu kedokteran, Ilmu Alam jeung karya seni.

Dina widang élmu alam, manéhna mangrupakeun jalma nu pangheulana ngumpulkeun jeung ngumpak-ngumpak (mengklasifikasikan) spesies-spesies biologi nu sistematis. Karyana ieu ngagambarkeun kumaha kecenderunganana kana analisa kritis, jeung pencarian ngeunaan hukum alam jeung keseimbangan kana alam.

Patojaiyah jeung Plato nu ngébréhkeun téori ngeunaan bentuk-bentuk ideal benda, Aristoteles ngajelaskeun yén materi teu mungkin mun euweuh bentuk sabab manéhna aya (eksis). Kamandangna (pemikiran) nu séjén nyaéta ngeunaan laju (gerak) dimana disebutkeun sakabéh benda laju nuju hiji tujuan, hiji kamandang nu disebutkeun bercorak teleologis. Sabab benda teu bisa laju (bergerak) ku soranganana mangka kudu aya penggerak dimana eta penggerak kudu boga penggerak nu séjénna tug nepi ka penggerak pangheulana nu cicing (tak bergerak) nu saterusna disebut ku theos, nyaéta hartina dina Bahasa Yunani ayeuna dianggap Tuhan. Logika Aristoteles nyaéta hiji sistim cara mikir deduktif (deductive reasoning), nu malah nepi ka ayeuna masih dianggap sabagé dasar tina sagala atikan ngeunaan logika formal. Sok sanajan kitu, dina jero panalungtikan (penelitian) ilmiahna manéhna rumasa ogé pentinga observasi, eksperimen, jeung cara mikir (berfikir) induktif (induktive thingking).
Hal séjén dina rarangka mikir nu jadi sumbangan penting Aristoteles nyaéta silogisme nu bisa dipaké pikeun metot kacindekan nu anyar nu ngepas tina dua bebeneran (kebenaran) nu geus aya. Misalna aya dua pernyataan (premis)
Sakur jalma pasti bakal paéh (premis mayor)
Sokrates nyaéta jalma (premis minor)
Mangka bisa dicokot kacindekan yén Sokrates pasti bakal maot.

Sumber : https://www.facebook.com/muklis.gumilang/posts/609748765706863
dialihbasakeun ku : Irfan el Fikr

Studio Titikdua Ciamis








Minggu, 17 Februari 2013

KASURUPAN

Teu jiga tisasari. Poé ieu, pasar tiiseun. Tengah poé ngan hiji-dua nu ngalalar. Pamajikan ngaléos ka musola. Di jongko tinggal kuring jeung Isah, pagawé anyar. Asa aya kasempetan, gap ramona dicekel. Males ngarames. Asa dihatéan, leungeuna ditarik rék dicium. Can gé atel. “Ehem!”. Pamajikan ngadéhém, tukangeun. Deg. Jajantung asa dicentok. Teu lémék, teu nyarék, pamajikan ngadongkang laci, laju balik deui ka musola. Wanci Isa, ngawani-wani balik. Geus dikoncian. Keketrok, panto euwueh nu muka. Teu antaparah, gerebeg api-api kasurupan, mamacanan. Gegerem. Awak dadapangan, panon diburial-buncelikeun. Teu gaplah. Pamajikan kaluar, rawah-riwih. Tatangga rabul, malah aya kokolot sagala. Rék dicerek ku opatan. Kuring ngejat bari ngagerem handaruan. Nyingsieunan. Orokaya, ngejat tarik teuing, sirah neunggar pager beusi. “Aduh!”. Sirah jangar. Panon reumbay. Ras inget keur kasurupan. Bari muringis, gegerem deui. Kokolot nu rék ngubaran kalah mesem, ngaléos, dituturkeun ku tatangga. Ting séréngéh. Baralik. Pamajikan jebi, ngaléos ka jero dituturkeun ku Isah.


Moehammad Sanoesi

Moehammad Sanoesi, (Cimaragas, Banjar Patroman, Ciamis 1889-Jakarta 8 Oktober 1967). Pajoang kamerdékaan, wartawan, jeung pangarang. Ramana, Radén Wiradinata, kungsi jadi camat di Warungkiara, Pelabuhan Ratu, Sukabumi. Sanggeus namatkeun sakola dasar, anjeuna ngalajengkeun ka sakola guru (HIK) di Bandung dugi ka tamat. Saparantos lulus anjeuna rupina kantos ngawulang, nanging nu jelas, perhatianna langkung museur kana jurnalistik sareng pergerakan nasional. Anjeuna aktip sabagé anggota sareng salajengna pangurus Sarékat Islam cabang Bandung.
Taun 1919 kénging persdelict kumargi seratanna mangrupi dangding “Garut Génjlong” (Garut Gempar) dimuat dina koran Pajajaran anu eusina ngiritik kasarakahan sareng kalakuan teu uni Radén Musa (Moesa) Kartalegawa bupati Garut. Anjeunna dikerem sababaraha sasih. Nanging hal éta teu ngajantenkeun anjeuna jejerih.
Taun 1920 anjeuna mingpin Sora Merdéka “dieusi kaperluan Sarékat Islam jeung katerangan-katerangan perkara umum”. Dina kongres Sarekat Islam taun 1921 di Semarang, waktu kajantenan perpecahan sabab kelompok nu deukeut jeung golongan komunis maksad ngaléléngkahan ieu partey, Muh. Sanusi nu kalebet golongan nu pecat.
Taun 1923-1926 anjeuna midangkeun (nerbitkeun) sareng mingpin tengah bulanan (salajengna minggonan) Surapati dina basa Sunda.
Taun 1926 anjeuna kalebet jalmi anu dipiceun ku pamarentah Belanda ka Digul Hulu, Irian nu pikasieuneun. Dibebaskeun taun 1932, Muh. Sanusi di Bandung aktip deui dina dunya jurnalistik sareng pergerakan. Tah dina waktu harita pisan anjeuna katingal caket sareng Bung Karno anu nembé bebas ti penjara Sukamiskin.
Dina widang ngarang Muh. Sanusi kakoncara ku romanna Siti Rayati (1923) anu ngalebet tilu jilid buku nu aripis. Buku éta kantos dicétak ulang sababarahakali sareng ageung pangaruhna ka pangarang-pangarang Sunda nu sanésna sapertos Yuhana, sanaos saleresna carita éta masih basajan kenéh pisan sareng atah. Salami jumeneng Sanusi nikah tilu kali. Nu kahiji sareng sasama lulusan HIK sareng sawaktos dipiceun ka Digul anjeuna nikah deui margi istri nu kahiji alim ngiring ka pangberokan. Sauihna ti Digul, anjeuna nikah deui kanggé nu katilu kalina. Ti istri nu pangsepuhna anjeuna gaduh saurang putra nu namina Hasan Sanusi anu cekap dipikawanoh di dunya perpileman nasional.
Sumber: (Ensikloped Sunda) ti https://www.facebook.com/groups/225182880893351/doc/397250610353243/
Dialihbasakeun ku Irfan.

Sabtu, 16 Februari 2013

Mangfaatna Daun Sareng Akar Sadagori




Tos pada kauninga ku sadayana, réhna tangkal sadagori mah sok aya di sabudeureun buruan, namung urang kirang merhatoskeun mangfaatna daun sareng akar sadagori. Saperkawis éta, abdi badé medar sakedik perkawis sadagori sareng mangfaatna. 
Daun sadagori téh tias diangge ngalandongan: Ngalancarkeun haid, ngalemeskeun kulit, bisul, kulit anu nanahan, éksim, ngalancarkeun miceun, muriang, borok peujit , disentri, malaria, rematik, cacingeun sareng panyawat anu sanésna. Mung kadé! Saupami anu nuju kakandungan mah, teu kénging dipasihan, kualatan tiasa ngagugurkeun anu aya dilebet (janin).
Carana:
Kanggé landong lebet: Sik-sik sing ipis akar sadagori seueurna 50 gram, ditambih gula bodas, langkung saéna mah nganggé gula kawung sacekapna, teras digodog sareng cai 3 gelas dijantenkeun sagelas. Dileueut tina sadinten mung sakali énjing-énjing wungkul.
Kanggé saluareun kulit: Taruk daun sadagori sabaraha lambar, gumantung ageung alitna panyawat, lajeng diréndos teras di balurkeun atanapi dipopokeun kanu aya panyawatan.***

Daun Pungpurutan

Pungpurutan nyaéta salah sawios tutuwuhan nu alit kalebet perdu. Sok seueur di sisi jalan atanapi di sisi tegalan. Mangfaatna kanggé: Diséntri sareng sesah kahampangan anu sakaterang abdi mah.
Carana: Petik sasabaraha lambar daun pungpurutan, teras diwasuh sing dugi ka beresih. Salajengna Gecek daun éta sareng cai sagelas kana rantang atanapi Waskom. Teras disaring. Leueutna enjing-enjing sareng wengi dimana bade kulem.***
*Mugia aya mangfaatna kanggé urang sadayana


Nu nyerat: Eni Setiani :https://www.facebook.com/mbichymemp

Kamis, 14 Februari 2013

Fiksimini Sunda #Durbala#



Nyud! Urat pajuranteng jero babatok sirahna asa dikenyang satakerna. Jangar! Panon asa nolol dipeureumkeun. Nahan kanyeri bari nginget-nginget naon nu geus kajadian. Sirah kalah beuki lungleng, muter. Awakna kakalayangan na méga, mongkléng. Les kapiuhan, teuing sabara lila. Nyay. Na pikiran, aya cahya nyampeurkeun, ngelemeng. Beuki deukeut, beuki écés, antukna bray. Panon beunta. Néon na Lalangit, moncorong. “Aing di mana?” Uteukna ngararampa. Tek, tek. Sora jam béker. Luhureun méja, gigireun. “Jam sabaraha ayeuna? Beurang atawa peuting?” Rék nguniang, sakujur awakna asa teu tulangan. Sirahna beurat. Reup peureum deui. Bréh, botol arak balatak luhureun méja. Sakeupeul pél beureum diteureuy. Bréh deui. Balik ngantor, ngajanteng na téras imah, molohok nénjo pamajikan keur ngagaléntoran lalaki, dina sofa. Ngaléos, muru kafé. Jajantungna asa didudut. “Gusti...! Naon lepat abdi?”

Kulutrak. Disusul sora léngkah ngadeukeutan. Pamajikanana. “Akang geura damang...” Teu kireum-kireum, ngusapan.

Selasa, 12 Februari 2013

Lelaki Tua


Lelaki tua
Segelas kopi dan segulung kenangan.
Dari tempat ia duduk, kerata masa silam datang dan pergi
Kaki berkaratnya menderit, menjerit
Malas menginjak rel yang telah digariskan

Lelaki tua
Ampas kopi dan segulung kenangan
Dari tempatnya ia duduk,
Waktu kehilangan jarum dan angka-angkanya.

Sabtu, 09 Februari 2013

Fikmin #Nohonan Jangji#



Ninja beureum digebér. Suat-siet, teuing sabaraha puluh kandaraan kasiap. Sareupna. Angkeub beuki meredong. Hareupeun, beus ngarayap, tanjakan mayat. Haseup ngeplek tina knalpotna. Dina gigi opat, gas dikenyang satakerna. Nyiap. Mesin beus ngahéang, héabna ngusap awak. Dada beuki didepongkeun, gas terus dikenyang. Beus kasiap, orokaya tikungan ngenca ngabongohan, treuk toronton, mapag hareupeun. Toot..! Sora klaksonna. Lenyap, haté méotan, jantung ilang ketegna. Dédéngéan ngadadak réhé, sirah ngabeuratan, téténjoan poék. Teu inget di bumi alam. Gurinjal, Hudang. Jantung ratug, késang ngagarajag. Gigisik, ngumpulkeun pangacian. “Alhamdulilah, Gusti, ngan ukur ngimpi”. Rét kana jam. Satengah opat soré. Inget boga jangji, gira-giru ganti pakéan, teu mandi heula. Ninja beureum distater. Haté ngageter. Geuleuyeung mapay gang lalaunan. Gok, anjog ka jalan aspal. Teu kanyahoan. Ti béh kénca treuk hayam, oléng. Sérépét, jegér!

Selasa, 05 Februari 2013

Pragmen Kiwari


Der!
Musik ngageder
Diskotik peupeus
Teu nolih nagri harénghéng
Nu daratang moyég, jogéd.

Gur!
Hulu-hulu pangagung kahuru
Isu pulitik ngelun nyambuangkeun hangru
Nerekab nyaliarakeun hawa panas.
Hoghag. Papada manéhna.
Teu paduli. Norma, adab, adat.
Silih sangka, silih supata

Ngong!
Ulama, pendeta, brahma mapadonan
Jalan surga-naraka
Welas-asih Gusti taya papadana
.
Anggang ti kariaan,
Jauh ti padungdengan,
Tebih ti wejangan-wejangan
Angin tingtrim ngagilisir nurih ati jalma-jalma leutik
Cangra bulan nyasaak rasa galandangan
Jerit kingkinna abadi, inghak susahna manjang
Tunggara nu hamo ingkah, salawasna.

Nu hirup malarat rosa
Teu bisa adu rega jeung nasib. Saindengna

Senin, 04 Februari 2013

Sayap Sayap Patah (Dialih basakeun kana basa Sunda) – Kahlil Gibran



Hirup kuring keur dina kaayan koma¸kosong lir hirupna Adam di Sawarga, nalika kuring ningal Selma ngajanteng di hareupeun, lir gurat cahaya. Mojang ieu téh hawa kalbu kuring nu ngeuyeubanana ku rusiah jeung kaahéngan jeung ngajadikeun kuring ngarti kana acining hirup....

Nanging, ayeuna cunduk waktuna kahirupan bakal misahkeun urang supados salira tiasa nyangking kaagungan hiji lalaki jeung kuring kakuduan hiji istri?

Naha pikeun hal ieu léngkob neureuy hariring manuk bul-bul ka jero legok-legokna, jeung angin ngaburak-barik dangdaunan makuta érmawar, jeung lalaki nincakan piala anggur? Naha gaplah samya peuting nu tos kalangkung na gilang-gumilangna cahya bulan na handapeun tangkal malati, tempat dua batin ngahiji?

Naha urang ngawang-ngawang kalayan gagah muru béntang-béntang dugika ringsek jangjang urang, teras ayeuna urang lungsur ka jero jurang? Atawa ngageubra cinta nalika manéhna ngadatangan urang, teras, nalika lugay, janten murka jeung mutukseun pikeun ngahukuman urang?

Atawa jiwa-jiwa urang ngarobah hiliwir angin peuting ngajangélék angin jadi topan nu ngaburak-barik urang, bencar ptulayah jeung niup urang lir lebu ka dasaring léngkob? Pan urang teu ngarumpak papagon; urang ogé teu ngasaan buah holdi; terus naha naon nu ngeukeuhan urang ninggalkeun ieu sawarga?

Urang tau kungsi sakongkol jeung barandal pikeun barontak, terus  naha urang ayeuna nyuksruk kana naraka? Moal, moal, mangsa mangsa nu geus meungkeut urang langkung agung tinimang mangabad-abad nu geus kaliwat, jeung cahya nu nyaangan batin-batin urang leuwih digjaya tinimang mongkléngna kahirupan; jeung mun seug pakéwuh misahkeun urang di sagara nu teu ras-rasan ieu, angin bakal ngamprokkeun urang di basisir nu ayem, jeung mun hirup ieu ngarogahala urang, pati bakal ngahijikeun urang deui.

Batinna saurang wanoja hamo robah ku waktu jeung usum; bakal langgeng najan geus palastra awak, haté moal ilang punah. Haté wanoja lir pedang nu ngajangélék jadi médan perang; sanggeus kakayon dirungkad-rungkadkeun jeung jujukutan dihuru jeung batu-batu karang beureum ku getih jeung taneuh di pelakan tulang-taleng jeung tangkorék, manéhna bakal cicing tingtrim lir euweuh kajadian nanaon lantaran musim semi jeung musim gugur datang dina waktuna jeung prak ngawitan marigawé pakasaban...


Sumber: https://www.facebook.com/muklis.gumilang/posts/603801902968216
Dialih bahasakan ku Irfan el Fikr

Ngeunaan Ngambek (Elmu jeung Luang)


Ngambek mangrupikeun emosi nu sehat, taya bentenna jeung ceurik atawa seuri. Mun aya nu ngambek, bisa kulantaran kuciwa, sieun, kasigeung atawa ngarasa kanyenyerian. Ngan, mun anjeun manggihan  salahsaurang ngambekna kaleuleuwihi, silidik heula, naha manehna dina kaayaan pangaruh ubar atawa kakeuanaan salahsahiji panyakit.

Dr. Helen Stokes Lampard ti Royal College of General Practitioners nembreskeun, aya sababarah kaayaan medis (kondisi medis) jeung obat-obatan nu bisa ngalantarankeun jalma gampang kasigeung. Aya dalapan hal nu mineng dilaporkeun patali hambalan amarah (tingkat kemarahan) di atntawis pasen:
1.      
      Hipertiroidisme
Hipertiroidisme lumangsung kusabab kelenjar tiroid kalobaan teuing nyieun tiroid. Kondisi samodel kieu biasana loba kaalaman ku awewe. Numutkeu Dr. Neil Gittoes, salahsaurang ahli endokrinologi di University Hospitals Birmingham and MBI the Priory Hospital, Birmingham, hormon tiroid mangaruhan sistim metabolisme urang. Hal ieu nyababkeun gulinggasahan (gelisah), gugup, jeung hese museurkeun pikiran (konsentrasi)
2.       
      Obat kolesterol
Statin nu diresepkeun sabage obat kolesterol tinggi bisa ngalantarankeun jalma gampang beak kasabaran. Dina hiji panalungtikan (studi) di Universitas California, statin bakal medalkeun seretonin nu leuwih handap, nu ngalantarankeun unggahna depresi jeung pati.
3.      
      Diabetes
Jalma nu katerap diabetes bakal beuki gampang kasigung. Kateusaimbangan kadar gula dina awak bisa ngalantarankeun kateusaimbangan seretonin dina otak. Akibatna, jalma leuwih agresif, bingung, ambek kaleuleuwihi malah nepi ka panik.
4.      
      Deprtesi
Numutkeun Paulus Blenkiron, saurang psikiater di Bootham Park Hospital, York, depresi bisa ngalantarankeun jelema gede ambek, guligah (gelisah) jeung ngakibatkeun rasa disapirakeun (teu berharga), eraan, atawa ngarasa salah.
5.      
      Autisme
Gangguan tumuwuh (perkembangan) ieu bisa mangaruhan tumuwuhna kanormalan otak jeung kaparigelan (keterampilan) sosial jeung komunikasi. Loba hal nu menstimulasi sensorik bisa ningkatkeun nu autis gampang ngambek.
      Alzheimer
Panyakit ieu ngarupakeun bentuk dimensi atawa kapikunan nu mangaruhan fungsi otak kaasup sikep emosional jeung kapribadian jalma. Hal ieu bisa ngajadikeun jalma gampang kasigeun jeung gampang ambek nu kaleuleuwihan.
7.      
      Obat tidur
Obat-obat tidur kawas benzodiazepin terapna teh ku ngalaunan mangpirang fungsi otak. Ku ngurangan sababaraha fungsi, obat tidur ieu bisa nyababkeun jalma gampang kasigeung.
8.      
      Sindrom pra menstrusi
Sindrom pra menstruasi (PMS) nu terap ka awewe kajadian kusabab teu saimbangna hormon kawas esterogen jeung progesteron. Awewe jadei leuwih gampang ambek euweuh alesan nu jelas. Numutkeun Amerika College of Obstetics and Gynecology, mood awewe bisa rubuh-robah sallila dua minggu samemeh menstruasi.

Nilikan dalapan musabab di luhur, urang ayeuna ngarti yen kaambek jalma bisa jadi lain kusabab egona. Panyakit sarta ubar (obat-obatan) bisa mangaruhan seretonin dina otak jeung ngalantarankeun kaambek nu teu wajar.

Sumber:  https://www.facebook.com/muklis.gumilang/posts/603832222965184
Dialih bahasakeun ku Irfan el Fikr. 



Arsip Blog