Minggu, 17 Februari 2013

KASURUPAN

Teu jiga tisasari. Poé ieu, pasar tiiseun. Tengah poé ngan hiji-dua nu ngalalar. Pamajikan ngaléos ka musola. Di jongko tinggal kuring jeung Isah, pagawé anyar. Asa aya kasempetan, gap ramona dicekel. Males ngarames. Asa dihatéan, leungeuna ditarik rék dicium. Can gé atel. “Ehem!”. Pamajikan ngadéhém, tukangeun. Deg. Jajantung asa dicentok. Teu lémék, teu nyarék, pamajikan ngadongkang laci, laju balik deui ka musola. Wanci Isa, ngawani-wani balik. Geus dikoncian. Keketrok, panto euwueh nu muka. Teu antaparah, gerebeg api-api kasurupan, mamacanan. Gegerem. Awak dadapangan, panon diburial-buncelikeun. Teu gaplah. Pamajikan kaluar, rawah-riwih. Tatangga rabul, malah aya kokolot sagala. Rék dicerek ku opatan. Kuring ngejat bari ngagerem handaruan. Nyingsieunan. Orokaya, ngejat tarik teuing, sirah neunggar pager beusi. “Aduh!”. Sirah jangar. Panon reumbay. Ras inget keur kasurupan. Bari muringis, gegerem deui. Kokolot nu rék ngubaran kalah mesem, ngaléos, dituturkeun ku tatangga. Ting séréngéh. Baralik. Pamajikan jebi, ngaléos ka jero dituturkeun ku Isah.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog