Kamis, 14 Februari 2013

Fiksimini Sunda #Durbala#



Nyud! Urat pajuranteng jero babatok sirahna asa dikenyang satakerna. Jangar! Panon asa nolol dipeureumkeun. Nahan kanyeri bari nginget-nginget naon nu geus kajadian. Sirah kalah beuki lungleng, muter. Awakna kakalayangan na méga, mongkléng. Les kapiuhan, teuing sabara lila. Nyay. Na pikiran, aya cahya nyampeurkeun, ngelemeng. Beuki deukeut, beuki écés, antukna bray. Panon beunta. Néon na Lalangit, moncorong. “Aing di mana?” Uteukna ngararampa. Tek, tek. Sora jam béker. Luhureun méja, gigireun. “Jam sabaraha ayeuna? Beurang atawa peuting?” Rék nguniang, sakujur awakna asa teu tulangan. Sirahna beurat. Reup peureum deui. Bréh, botol arak balatak luhureun méja. Sakeupeul pél beureum diteureuy. Bréh deui. Balik ngantor, ngajanteng na téras imah, molohok nénjo pamajikan keur ngagaléntoran lalaki, dina sofa. Ngaléos, muru kafé. Jajantungna asa didudut. “Gusti...! Naon lepat abdi?”

Kulutrak. Disusul sora léngkah ngadeukeutan. Pamajikanana. “Akang geura damang...” Teu kireum-kireum, ngusapan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog