Senin, 21 Januari 2013

Fikmin #My Salwa My Palestine#



Sakuliah Palestina ngarasakeun kumaha balukarna resolusi PBB ngeunaan “Pembagian Wilayah”. Zionis ngokop saban wewengkon kaasup Ardalah. Tilu wargana tiwas, pon kitu deui bapana Yousif.
Ardalah éndah pareng halodo. Hawa seger nebak zaitun, anggur, jeruk ngaremploh lebakeun pasir nu ngabungking. Tapi cakueum pikeun Yousif. Can gé tujuhna dikantun rama, der Salwa, mojang geulis bébéndéna, bakal dikawinkeun Poé Minggu.

Garéja Ortodoks Roma pinuh ku kulawarga pangantén, galumbira. Di altar, Salwa alum nyanghareup ka pisalakieunnana, diapit Pastor Samaan. Na bangku pangtukangna, Yousif tungkul nahan peurih jeung timburu, nyaksian panutan, ditikah batur.
Pastor méré isarah. Gareja simpé. Dua pananganna nu nyepeng Injil diangkat, seja macakeun ijab. “Sateuacan kuring nikahkeun ieu pangantén, numutkeun aturan, mangga bisi aya nu teu panuju kana ieu pakawinan, sok unjukan”. Sajongjongan Simpé. Hidmat.

“Kuring teu satuju!” Gareja peupeus. Yousif leumpang nyampeurkeun altar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog