Kamis, 24 Januari 2013

Fikmin # Tukang Tahu #


Wanci lingsir. Pihujaneun geus ngagarayot, sabregbregeun. Mang Juha kakara réngsé nyitak tahu, Bi Ėom kakara bérés gégéroh. Wanci kalangkang satangtung , paralak, paralak! Cihujan, sagedé kadelé lir nu diawurkeun ti langit. Deregdeg Bi Ĕom ka buruan, nyait papakéan. Bélaan kancah eusi minyak jang ngagoréng tahu ditinggalkeun. Mang Juha teu éléh pakpikpek. Sieun kabancuh. Ngasup-ngasupkeun suluh, ngampihan Si Jago. Belaan ninggalkeun béca nu keur didangdanan ranténa.
Di kamer. Anakna , jajaka. Lalanggiran, jongjong maén PS.
Tengah peuting. Bi Ėom jeung Mang Juha miang ka pasar. Sarung diharudungkeun. Bi Ĕom leumpang diiringkeun ku hégakna béca, ngarayap na tanjakan Piadeu. Kaléng tahu, tinggerendeng jeung baturna, nyemplékan simpéna janari. Ramo suku Mang Juha, teu disendal, tipepereket nyoco aspal nu semu lésang, ditiban hujan ti soré kénéh. Nyorong beca.
Sora knalpot nu dibobok, ngadorotot. Ti mumunggang Piadeu. Motor nyemprung. Guluang-galéong. Jedak! Neunggar trotoar, lima léngkah hareupeun Bi Ĕom. Kerejet, kerejet! Hos. Anakna ngaleupaskeun nyawa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog