Ceu Néndén geus anjeucleu, diuk dina motorna nu
distarndarkeun. Tayohna geus rada lila nungguan. Seukeut neuteup kuring nu
karék anjog. Teu katémbong kasono dina teuteup, sikep jeung ucap-ucapanna,
najan leuwih ti lima taun teu panggih jeung kuring, salaku adina. Enya, geus
béda. Ceu Néndén geus kapanggih hirupna. Salakina geus diangkat jadi PNS. Imah
pageuh kandaraan boga, hirup taya kakuranganana.
"Tah ka lebah dinya...!" Curukna bentik, nunjuk ka
lebah tégalan nu rembet.
Ngaléngkah bari rambisak, ngasruk nyuay-nyuaykeun eurih nu
lantis ku cihujan. Dipirig réangna sasatoan nu marulang tas bubuara. Layung
ngempur na sela dangdaunan. Kuring anjog ka lebah tangkal kiara. Angin ipis
ngahiliwir, langit bengras, manuk-manuk sukan bungah. Tapi hatékuring muwuh asa
disiksik. Kasedih, kapeurih, kahanjelu, ranceb nusuk jajantung. Nyegruk nyaluuh
kana pajaratan indung nu ngajembrung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar