Ku: Muklis Gumilang dialih bahasakeun ku Irfan el fikr.
Numutkeun sababarah babaturan ahli tafsir: Tina definisi Qur'an, anu disebut 'kafir' lain jalma anu beda agama. Nu disebut kafir nyaéta singsaha anu panon jeung ceuli qalbu di jero dadana teu berfungsi. Asal kecap 'kafir' jeung 'kufur' nyaéta 'kafara' nu hartina 'katutup' (kecap ieu saterusna diserep kana bahasa Inggris jadi 'cover' hartina turub). 'Kafir" nyaéta jalma-jalma nu masih katutup tina "Al-Haqq" (kebenaran mutlak). Panon jeung ceuli nu di jero dada, maksudna nyaéta panon jeun ceuli nu ayana lain dina tingkatan (level) jasad urang, tapi leuwih jero deui. Mata jeung ceuli nu dimaksud nyaéta panon jeung ceuli nu aya dina "qalb" kita, jero dada/"shudur", nu aya dina tingkatan (level) "nafs". ''Shuduur" hartina 'dada spiritual', sakumaha hate nu biasa urang apal, lain liver atawa jantung, tapi leuwih kana 'hate sepiritual' nyaéta nurani.
Selasa, 29 Januari 2013
Kamis, 24 Januari 2013
Di Silent
Ku Irfan El Fikr
Ti isuk-isuk kénéh dangdut geus ngageder. Jalma-jalma maké warna baju sarua minuhan lapang. Aya nu jogéd, nu ngabagikeun akua gelas jeung senék, nu caringogo bari udud ogé loba. Di panggung biduan nembang bari teu kaliwat ngagéol jeung ngagitek, diselang ngagorowok, “Hidup Ki Puyuh!”. Wanci pecat sawed, hawa beuki nyongkab. Sreg. Saurang jurkam maju. Leungeun katuhu geus ngeupeul rék diacungkeun, tangtuna baris dituturkeun ku nyebut “Hidup Ki Puyuh!”. Orokaya, méméh manéhna nyorowok, jempol uing leuwih singer mencet silent. Jep.
Langganan:
Postingan (Atom)