Jumat, 20 Januari 2012

Bingung Neangan Judul

Alhalmdulilah. Ti sapeupeuting macaan pikmin bari miharep aya ideu ngalalar. Antukna jam satenga dalapan  isuk-isuk, teu burung beubeunangan.Réngsé sa pikmineun. Sanajan can dijudulan ogé leuheung, jongjon ari geus ngawujud hiji carita mah.
Nyangsaya kana tembok, bari ramo mah napel kana kibod komputer. Uleng ngemutan pijuduleun. Pikmin can di 'Kirim' da can di judulan. Panon asa beuki peurih katojosan matapoé anu moncor tina jandela. Teu karasa. lenyap! Panon teu kawawa nahan serangan katunduh. Lep, sare kakedapan.
Kahudangkeun ku leungeun nu nyorosod tina kibod. Korajat beunta. Bari ngumpulkeun pangacian mencrong kana layar komputer. Hideung. Tuluy nga geubig-geubig emos. layar angger hideung.
"Gusti!Geuning, listrik beak pulsana!"
Batin ngajerit dengdam ka PLN.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog