"...Abégé tua, tingkahmu semakin gila..." manéhna
ngagéol metakeun panyanyi dangdut nu keur manggung. Sukuna nu katuhu ditaékeun
kana dipan, kalangkang buukna nu ngombak banyu ririaban na palang dada.
Bari lalanggiran kuring nyéréngéh, ningalikeun.
"Hu..h! Masih mau digoyang?" Manéhna ngelétan bari
leungeun katuhuna nyolodor, metot kuring, sina nangtung. Kuring merod.
"Ah ayah mah..." manja, manéhna ngagarieng, tapi
tuluy hanjat kana kasur, ngarangkul punduk.
Peuting beuki simpé. Kararas jeung sasatoan peuting
ngadedempés lir méré lolongkrang kana keteg jajantung nu beuki ratug. Jero
sirah kukurilingan haroshos manéhna, ngaléléwaanan.
"Hayu atuh Aa..."
Kacahayaan bulan nu moncor tina érang-érang jeung carangcanga
bilik kamer, balati gugurilapan na luhureun bantal , nutupan sirah manéhna nu
baloboran.