Rabu, 13 Maret 2013

MUKA JANDELA


nalika jandéla muka
angin ngaharewos méré béja
dadak dunya ngalegaan
bagja mangkak jero dada
nyipta tepang jeung salira
jungjunan nu diantosan

ngitung keteg jantung panonpoé
layung anjog na mumunggang gunung
laju peuting ngitung béntang
ngantos panutan nu rék datang

teuing na itungan kasabaraha
jangkrik ngageurih mawa béja
reup ceudeum langit kingkin
béntang bencar jadi girimis
jungjunan teu jadi datang


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog