Minggu, 19 Februari 2012

Munggaran

Lumpat meulah angin;
        seoet, seot! Reg.
Serebet deui lumpat ngawahan, ber! Hiber!       
        ngapak mega, nyuway-nyuwaykeun pepedut nu cing garumpluk lir kapuk.

Awangawang ngemplang
Nenjo ka taneuh asa lewang
Hate ngajerit ka Gusti nu Maha Asih
Mugia salamet nepi nincak lemah deui.

Ngajomantara sawatara lila
Hiber dina uraturat mega
Datang mangsa pikeun napak.
Dangdak-dengdek jangjang ngalelebah,
Pitincakaeun meh teu salah lengkah
Cle!
Suku napak na taneuh,
Mela-melu jauh ti lembur matuh
Pekanbaru sajam kajugjug
Alhamdulilah kenging panangtayung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog