Jumat, 20 Januari 2012

Gondewa Cinta


Dipentangkeun. Belesur.
"Ceb!"
Gondewa cinta kuring, nanceb pisan keuna kana jantung manehna.
Luk Neng Isah Ngeluk, getih maseuhan kabaya bodasna. Pisalakieun Neng Isah nua aya digigireunnana langsung ngarangkul.
                                                                         ***
Hawa tiis nyocogan sakuliah awak, tiris, linu. Sirah asa peupeus, beungeut asa enyor. Dada eungap. Bray panon, maksakeun beunta. Remengremeng, saurang lalaki ngabedega, uraturat leungeuna ranteng nandakeun tanagana pinuh, ngangakat watu sagede sirah. Hiuk di walangkeun ka lebah beungeut kuring.
"Gejret!!"

@Banjar2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog