Senin, 30 Januari 2012

Anjeun

: Ka Kang Darso

anjeun
nu ngahaleuang
mamapay angin ngawurkeun kaendahan kamadhab papat
wirahama nu ngagalura
ngaguratkeun kaasih jeung kanyaah na keketeg jantung
... kisunda dangiang
kisunda tandang na tungtung sora anjeun

haturan
salaksa bentang pikeun anjeun nu geus kumawula
mugia sagala talajak, rengkak jeug karya anjeun natapak
pikeun anak incu kisunda
meh reueus kana dirina

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog