Jumat, 20 Januari 2012

Pati

Ceu Eni ngajengkat ti kamerna. Baketut haseum, bari ngaleos narik simut. Pindah ka tengah imah, ngagoler hareupeun tipi. Ngarasa kaganggu ku kerek salakina.
Sedengken di kamer Kang Darma terus sesegrok, sukuna kekejet. Tina irung jeung juru biwirna ngaley getih seger.
                                                                  ***
Ceu Eni nyegruk, nyuuh na runggunuk taneuh beureum. Hiliwir angin, seungit kananga, ting keresekna kararas, jeung girimis nungktun kahanjelu Ceu Eni, nyusul ka alam baka.
Ceu Eni palasatra na luhureun kuburan salakina.

@Banjar2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog