Selasa, 26 Maret 2013

Nongtoréng

Kungsi urang lalayaran
Na talaga sarangéngé nu nyongkab
Garajag késang, rénghap trésna awor jeung haroshosna mesin pabrik
Kocéak klakson kandaraan ngarayap na érang-érang
Angin ipis nyambuangkeun hangru nu nyaluuh di juru
Talaga ngorotan, tulang sandi lalésotan
Urang kekerebekan na kiruhna trésna nu beuki boléas warnana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog