Senin, 04 Februari 2013

Sayap Sayap Patah (Dialih basakeun kana basa Sunda) – Kahlil Gibran



Hirup kuring keur dina kaayan koma¸kosong lir hirupna Adam di Sawarga, nalika kuring ningal Selma ngajanteng di hareupeun, lir gurat cahaya. Mojang ieu téh hawa kalbu kuring nu ngeuyeubanana ku rusiah jeung kaahéngan jeung ngajadikeun kuring ngarti kana acining hirup....

Nanging, ayeuna cunduk waktuna kahirupan bakal misahkeun urang supados salira tiasa nyangking kaagungan hiji lalaki jeung kuring kakuduan hiji istri?

Naha pikeun hal ieu léngkob neureuy hariring manuk bul-bul ka jero legok-legokna, jeung angin ngaburak-barik dangdaunan makuta érmawar, jeung lalaki nincakan piala anggur? Naha gaplah samya peuting nu tos kalangkung na gilang-gumilangna cahya bulan na handapeun tangkal malati, tempat dua batin ngahiji?

Naha urang ngawang-ngawang kalayan gagah muru béntang-béntang dugika ringsek jangjang urang, teras ayeuna urang lungsur ka jero jurang? Atawa ngageubra cinta nalika manéhna ngadatangan urang, teras, nalika lugay, janten murka jeung mutukseun pikeun ngahukuman urang?

Atawa jiwa-jiwa urang ngarobah hiliwir angin peuting ngajangélék angin jadi topan nu ngaburak-barik urang, bencar ptulayah jeung niup urang lir lebu ka dasaring léngkob? Pan urang teu ngarumpak papagon; urang ogé teu ngasaan buah holdi; terus naha naon nu ngeukeuhan urang ninggalkeun ieu sawarga?

Urang tau kungsi sakongkol jeung barandal pikeun barontak, terus  naha urang ayeuna nyuksruk kana naraka? Moal, moal, mangsa mangsa nu geus meungkeut urang langkung agung tinimang mangabad-abad nu geus kaliwat, jeung cahya nu nyaangan batin-batin urang leuwih digjaya tinimang mongkléngna kahirupan; jeung mun seug pakéwuh misahkeun urang di sagara nu teu ras-rasan ieu, angin bakal ngamprokkeun urang di basisir nu ayem, jeung mun hirup ieu ngarogahala urang, pati bakal ngahijikeun urang deui.

Batinna saurang wanoja hamo robah ku waktu jeung usum; bakal langgeng najan geus palastra awak, haté moal ilang punah. Haté wanoja lir pedang nu ngajangélék jadi médan perang; sanggeus kakayon dirungkad-rungkadkeun jeung jujukutan dihuru jeung batu-batu karang beureum ku getih jeung taneuh di pelakan tulang-taleng jeung tangkorék, manéhna bakal cicing tingtrim lir euweuh kajadian nanaon lantaran musim semi jeung musim gugur datang dina waktuna jeung prak ngawitan marigawé pakasaban...


Sumber: https://www.facebook.com/muklis.gumilang/posts/603801902968216
Dialih bahasakan ku Irfan el Fikr

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog