Minggu, 17 Februari 2013

Moehammad Sanoesi

Moehammad Sanoesi, (Cimaragas, Banjar Patroman, Ciamis 1889-Jakarta 8 Oktober 1967). Pajoang kamerdékaan, wartawan, jeung pangarang. Ramana, Radén Wiradinata, kungsi jadi camat di Warungkiara, Pelabuhan Ratu, Sukabumi. Sanggeus namatkeun sakola dasar, anjeuna ngalajengkeun ka sakola guru (HIK) di Bandung dugi ka tamat. Saparantos lulus anjeuna rupina kantos ngawulang, nanging nu jelas, perhatianna langkung museur kana jurnalistik sareng pergerakan nasional. Anjeuna aktip sabagé anggota sareng salajengna pangurus Sarékat Islam cabang Bandung.
Taun 1919 kénging persdelict kumargi seratanna mangrupi dangding “Garut Génjlong” (Garut Gempar) dimuat dina koran Pajajaran anu eusina ngiritik kasarakahan sareng kalakuan teu uni Radén Musa (Moesa) Kartalegawa bupati Garut. Anjeunna dikerem sababaraha sasih. Nanging hal éta teu ngajantenkeun anjeuna jejerih.
Taun 1920 anjeuna mingpin Sora Merdéka “dieusi kaperluan Sarékat Islam jeung katerangan-katerangan perkara umum”. Dina kongres Sarekat Islam taun 1921 di Semarang, waktu kajantenan perpecahan sabab kelompok nu deukeut jeung golongan komunis maksad ngaléléngkahan ieu partey, Muh. Sanusi nu kalebet golongan nu pecat.
Taun 1923-1926 anjeuna midangkeun (nerbitkeun) sareng mingpin tengah bulanan (salajengna minggonan) Surapati dina basa Sunda.
Taun 1926 anjeuna kalebet jalmi anu dipiceun ku pamarentah Belanda ka Digul Hulu, Irian nu pikasieuneun. Dibebaskeun taun 1932, Muh. Sanusi di Bandung aktip deui dina dunya jurnalistik sareng pergerakan. Tah dina waktu harita pisan anjeuna katingal caket sareng Bung Karno anu nembé bebas ti penjara Sukamiskin.
Dina widang ngarang Muh. Sanusi kakoncara ku romanna Siti Rayati (1923) anu ngalebet tilu jilid buku nu aripis. Buku éta kantos dicétak ulang sababarahakali sareng ageung pangaruhna ka pangarang-pangarang Sunda nu sanésna sapertos Yuhana, sanaos saleresna carita éta masih basajan kenéh pisan sareng atah. Salami jumeneng Sanusi nikah tilu kali. Nu kahiji sareng sasama lulusan HIK sareng sawaktos dipiceun ka Digul anjeuna nikah deui margi istri nu kahiji alim ngiring ka pangberokan. Sauihna ti Digul, anjeuna nikah deui kanggé nu katilu kalina. Ti istri nu pangsepuhna anjeuna gaduh saurang putra nu namina Hasan Sanusi anu cekap dipikawanoh di dunya perpileman nasional.
Sumber: (Ensikloped Sunda) ti https://www.facebook.com/groups/225182880893351/doc/397250610353243/
Dialihbasakeun ku Irfan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog