Senin, 18 Februari 2013

(08) DI NAGRI DANGDUT (Godi Suwarna)



trijata, urang ukur bisa jogéd bari lanjung
da di dieu musik dangdut sumedeng ngemprung mamarung
sanggeus panggung ti dayeuh manjang ka kampung
paranti nu parebut pais angin, seupan batu jeung kucubung
di nagri nu hajat rongkah ngagelar-gelar kabingung
kecap jeung peurah kalimah jadi rupaning hariring 
tinghaleuang silih simbeuhan mémérang

trijata, urang ukur boga éngklak katut gitek
ngaréngkénék peureum-beunta ngararasakeun cimata
dina gunta-gantina rumpaka nu diumbar ku paradiva dadakan 
ku nu ngiriditkeun jangji, ku nu keur ngobral kaceuceub 
nu ngabudah dina headline, nyolong lolongkrang frametime 
wirahmana atung énéh matak malitekkeun cangkéng 
muntir-muntir sarah sirah méméh bedah jadi utah

trijata, horéng ukur imbit anjeun lenyepaneun
margi bunder langkung beuneur batan jangji politisi
jeung sakabéh komposisi sanggian bubuleud peureup
singhoréng eundeur pinareup langkung ngageterkeun kalbu
batan lagu kabangsaan nu kapireng didangdutkeun ku team sukses
basa anjeun lelet ngebor muter-muter parabot anti monétér
nagara manjing gumiwang, jalan panjang narawangan 

(0



Sajak Godi Suwarna 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog