Kamis, 10 Januari 2013

Fikmin #Lalampahan Angin#



Tengah poé éréng-éréngan, hawa nyongkab, bayeungyang. Ti lebah lamping, angin rerencepan muragkeun daun haréndong. Reg pipireun saung, ngeteyep, ceuli rancung ngabandungan nu haroshos di jero saung.

"Hampura Ceuceu ...." 

"Sami-sami ...."

Dua wanoja, dibantalan tas silih usap, silih rangkul, silih ébréhkeun kadeudeuh. Kadeudeuh lain ukur babaturan atawa duduluran. Asih nu dipahing, asih nu teu matut nyanding. 

Deregdeg angin lumpat ka mumunggang, nubruk-nubrukkeun awakna kana sakumna pangeusi pasir. Kakayon, dangdaunan, jujukutan, jeung sasatoan paburisat. Laju ka awang-awang ngéwat méga nu pinuh ku pihujaneun. Balik deui mawa cai teu sirikna sagedé-gedé kaléci. Angin ngaberung lumpat ti mumunggang neumbrag saung, paburantak; Kenténg, bilik, jeung dua layon wanoja nu méh taranjang, parangkul.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog