Selasa, 29 Januari 2013

Sanggar Titik Dua Ciamis

tte




Sistim Penulisan Pbdjad



Abjad téh nyaéta sistim penulisan nu nuliskeun sakabéh fonem iwalti vokal. Ampir sakabéh tulisan-tulisan Simitik kaasup abjad, contona abjad Fenisia, abjad Arab, abjad Ibrani jeung abjad Suryani. Bangsa Yunani nu ngadopsi abjad Fenisia nambahkeun sababaraha hiji lambang vokal kana sistim tulisan maranéhna nu anyar supaya euweuh ambiguitas. Sistim tulisan ieu disebut alfabet jeung nurunkeun alfabet Latin, Sirilik, jrrd.

Dina ngagunakeun bahasa Indonesia, tapi, istilah abjad ogé bisa nunjukkeun hurup alfabet. Unggal huruf ngagambarkeun hiji soara atawa leuwih, contona hurup e bisa ngagambarkeun soara e dina kecap bebek, e dina kecap senang ataw e dina kecap tega. Urutan abjad mangrupakeun rangkaian huruf ti mimiti A nepika Z, nu sakabéhna 26 huruf.

Fonem
Fonem nyaéta istilah linguistik jeung mangrupakeun satuan terkecil tina hiji basa nu masih bisa ngabédakeun makna. Fonem ngabentuk soara.
Samisal dina bahasa Indonesia soara [k] jeung [g] mangrupa dua fonem nu béda. Contona dina kecap “cagar” jeung ‘’cakar’’. Tapi dina bahasa Arab henteu saperti kitu. Dina bahasa Arab ngan ukur aya fonem/k/.

Vokal (liguistik)
Dalam fonetik, sahiji vokal atawa huruf hidup nyaéta soara dina bahasa lisan nu di ciri haskeun kana pita suara nu muka nepika taya teundeutan udara nu ngumpul di luhur glotis. Vokal lalawanan jeung konsonan nu dicirikeun ku hiji atawa leuwih titik artikulasi di sapanjang rohang soara. Sahiji vokal disebut sabagé silabik, soara nu muka nu mirip jeung vokal ngan henteu silabik disebut semivokal.
Dina sakabéh basa, vokal ngawangun inti atawa punclut tina suku kata, nyaéta konsonan ngawangun awal suku kata jeung (dina basa nu ngabogaanana) ahir suku kata. Ngan, sababaraha basa ngameunangkeun soara nu lain jadi inti tina suku kata samisal ‘’I’’ silabik dina kecap Bahasa Inggris table [tei.bl] (meja) atawa r dina kecap Bahasa Serbia vrb [vr,ba] (jerungku).

Kecap vokal asalna tina kecap Bahasa Latin vocalis nu hartina “ngobrol” kusabab di kalolobaan bahasa, paguneman teu mungkin dilakonan mun teu maké Huruf vokal dina bahasa Indonesia: a, e, i, o, u

Sumber: WikipediA http://id.wikipedia.org/wiki/Abjad dialih bahasakan oleh: Irfan el Fikr

PINEAL GLAND: ANTENEU MURU DUNYA SEPIRITUAL



Pineal Gland nyaéta salah sahiji kelenjar nu ngancik dina modul otak manusa. Kunaon disebut ‘Pineal’, sabab kelenjar ieu jiga ‘Pine’ cone atawa ‘Siki Pinus”. Sacara horisontal manéhna cicing di antara jeung di luhureun panon; mun ditarik garis nyambung antara dua panon jeung titik cindekna kelenjar, mangka ngabentuk hiji segitilu.

Ieu sababna Pineal Gland disebut ogé panon katilu ‘the Third Eye’. Awéwé di India biasa ngarépleksikeunnana panon katilu ieu maké tanda buleud di luhureun panonna.
Tilu titik panon/trisula/trinitas/tritangtu ieu nu ngarupakeun konsép ketuhanan, dimana tungtung sula ieu ngarupakeun ‘stargate’ atawa cukang pikeun nga-akses jejaring kasadaran semesta (universal consciousness network).

Dina tataran manusa, tungtung sula ieu aya dina Pineal Gland téa, atawa crown chakra (chakra makuta) anu nyambung langsung jeung solar chakra (chakra panonpoé).

Dina tataran kosmos bumi, tungtung sula ieu aya di tungtung anténeu bumi, nyaéta Piramida, Pagoda, Candi, jeung gradian variasina, misal Menhir kawas di Gunung Parahyang (Parang), Punden berundak (séséngkédan) samisal Gunung Padang, Dolmen misal Stonehange di Inggris, jrrd.

Tungtung sula nu cicing dina chakra makuta ieu bisa diasosiasikeun jeung anténeu wireless tina hiji Client PC (komputer personal) nu ngaakses jejaring jagat nu sakabéhna ngamuara kana server ti sakabeh sula (sakabéh panon), nyaéta Matahari, sabagé pusat kosmos tina Galaksi tempat cicing urang. Ngarah komunikasi antara Client jeung Server kajalin sacara efisien, mangka geteran frekwensi tina anteneu Client kudu salaras (tune-in) jeung frekwensi Serverna. Jiga Radio frekwensi, supaya bisa narima béwara ti pusat, maka cénelna kudu di salaraskeun (Chanelling).

Vibrasi prekwensi anténeu urang bisa disalaraskeun jeung cara nyetél awak urang kana kaayaan meditatif, kawas meditasi, dikir, jrrd. Sasuey jeung kayakinan séwang-séwangan nu dipuseurkeun  kana chakra nu tangtu tina awak urang, nu mana unggal chakra mibanda karakteristik jeung pungsi nu béda.
Sedengkeun dina Piramida, Candi, jns, panyalarasan ieu bisa dipigawé ngagunakeun “Tuner” prekwensi, misal Kristal, atawa bisa ogé ngonséntrasikeun akumulasi vibrasi chakra urang ngaliwatan ritual massa.
Pineal gland sabagé panon katilu, sadar atawa henteu gé loba disimbolkeun ku manusa, misal ku patung Pin cone dina wangunan Vatikan di Roma, ogé dina iteuk Paus, ogé dina piktogram wangunan bersejarah.
Panon katilu ieu, kawentar ogé ku sebutan ‘’indera ka genep’’, nyaéta Indra nu boga pungsi pikeun ‘sensing’ hal-hal nu boga sipat metafisis jeung spiritual. Beuki kuat indra ka genenpna, beuki gampang pikeun urang “berkomunikasi’’ jeung Gusti.
Cénah jaman baheula mah Indra nu ieu leuwih loba dipaké tinimang Indra nu séjénna. Beuki lila beuki carang dipaké, nepika sacara pisik Pineal Gland ieu, sajalan evolusi, beuki ngaleutikan jeung ngerutan (rudimenter). Jadi jaman baheula, urang leuwih bisa ngaakses béja samesta, contona, iraha Gunung Merapi bitu, lini, nepika iraha hiji daun bakal murag, teu kosi maké alat.

(Sumber: klivingtv.com)

Neutrino, Partikel nu Leuwih Leutik ti Atom


Unggal menit, milyaran partikel ngaliwat nyulusup kana awak urang. Lintasan maranehna laju, nyulusup kana sagala rupa jiga nu euweuh wé materi padet téh, pikeun maranéhna mah. Eta téh nyaéta neutrino, partikel "tanpa massa". Sawatara hiji studi anyar-anyar ieu geus ngébréhkeun yén partikel nu teu bermuatan ieu teh sabenerna boga massa, ngan neutrino tetep ngarupakeun partikel subatomik (leuwih leutik ti atom) nu panghéséna ditalungtik pikeun para ahli fisika moderen. Utamana kusabab akibat nu dihasilkeunna kana struktur atom waktu maranéhna incah (gerak), leutik pisan. Ku sabab ukuranana nu leutik kacida maranéhna mampu nyulusup sagala rupa saolah-olah maranehna teh ririwa. Ngan rada untungna, sabab aya sababaraha neutrino nu geus bisa ditalungtik ngaliwatan detektor heuseus nu aya di hiji laboratorium di Kutub Selatan, ngajadikeun para ilmuwan geus mimiti bisa nalungtik ngeunaan ayana tina dimensi séjén. Hiji dunya séjén jeung kahirupan séjén.

Alat Musik Populer nu Asalna ti Arab.


Pilusuf Al-Kindi mangrupakeun nu mimiti ngawanohkeun kecap 'musiqi' anu diserep kana bahasa Inggris jadi music.

Maurice J Summerfield (2003) dina bukuna nu judulna, The Classical Guitar, It's Evolution, Players and Personalities since 1800, nyebutkeun yén gitar moderen mangrupakeun turunan tina alat musik nu maké senar opat nu dibawa ku masyarakat Muslim, ka eropah dina abad ka-8 M. Gitar senar opat nu diwanohkeun ku bangsa Moor kabagi jadi dua jenis di Sepanyol, nyaéta morisca (gitar urang Moor) anu bagéan tukangna buleud, papan ramona lébar, jeun boga sababaraha liang soara. Jenis nu kadua nyaéta gitar latina (gitar Latin) nu nyarupaan gitar modern jeung hiji liang soara. Alat wirahma (musik) Oud ogé kasohor di wewengkon Azarbaijan. Masrakat di wewengkon éta nyebut alat wirahma nu petik ieu teh ku sebutan Ud. Masrakat Eropah Kulon mimiti nyaho jeung maké Oud ti taun 711 M.

Hurdy Gurdy bisa disebut sabagé cikal bakal (nenek moyang) piano. Alat musik ieu béhnamha ngarupakeun warisan ti peradaban Islam jaman kakhalifahan. Marianne Brocker dina hiji teori nu diajukeunna nyebutkeun yén instrumen nu mirip jeung hurdy gurdy mimiti disebut dina risalah musik Arab. Manuskrip (tulisan heubeul) éta ditulis ku Al-Zirikli dina abad ka-10 M. Tulisan heubeul nu make bahasa Arab ieu satuluyna di terjemahkeun kana bahasa Latin ku Roger Bacon di abad ka-13 M.

Banu Musa sadudulur, ilmuan Muslim di jaman Abbasiyah ieu nu mampu nyiptakeun hiji orga nu digerakkeu ku tanaga cai. Sacara otomatis tanaga cai éta mindahkeun silinder nepika ngahasilkeun wirahma (musik). Prinsip gawé dasar alat musik ieu, ceuk Charles B Fowler, masih ngajadi rujukan tug nepi ka paruh kadua abad ka-19 M.

Biola, Rabec, jeung Rebab Biola moderen nu ayeun berkembang  di dunya Barat diwanohkeun ku seniman muslim ka uran Eropah dina masa kajayaan Kakhalifahan Islam. Biola mimiti asalna tina rebec nu geus digunakeun ti abad kal-10 M kénéh. Cénah, Filsup Al-Farabi nu mangghih rebab atawa biola téh.

Harti Kafir Dina Qur'an

Ku: Muklis Gumilang dialih bahasakeun ku Irfan el fikr.

Numutkeun sababarah babaturan ahli tafsir: Tina definisi Qur'an, anu disebut 'kafir' lain jalma anu beda agama. Nu disebut kafir nyaéta singsaha anu panon jeung ceuli qalbu di jero dadana teu berfungsi. Asal kecap 'kafir' jeung 'kufur' nyaéta 'kafara' nu hartina 'katutup' (kecap ieu saterusna diserep kana bahasa Inggris jadi 'cover' hartina turub). 'Kafir" nyaéta jalma-jalma nu masih katutup tina "Al-Haqq" (kebenaran mutlak). Panon jeung ceuli nu di jero dada, maksudna nyaéta panon jeun ceuli nu ayana lain dina tingkatan (level) jasad urang, tapi leuwih jero deui. Mata jeung ceuli nu  dimaksud nyaéta panon jeung ceuli nu aya dina "qalb" kita, jero dada/"shudur", nu aya dina tingkatan (level) "nafs". ''Shuduur" hartina 'dada spiritual', sakumaha hate nu biasa urang apal, lain liver atawa jantung, tapi leuwih kana 'hate sepiritual' nyaéta nurani.

Kamis, 24 Januari 2013

Di Silent


Ku Irfan El Fikr

Ti isuk-isuk kénéh dangdut geus ngageder. Jalma-jalma maké warna baju sarua minuhan lapang. Aya nu jogéd, nu ngabagikeun akua gelas jeung senék, nu caringogo bari udud ogé loba. Di panggung biduan nembang bari teu kaliwat ngagéol jeung ngagitek, diselang ngagorowok, “Hidup Ki Puyuh!”. Wanci pecat sawed, hawa beuki nyongkab. Sreg. Saurang jurkam maju. Leungeun katuhu geus ngeupeul rék diacungkeun, tangtuna baris dituturkeun ku nyebut “Hidup Ki Puyuh!”. Orokaya, méméh manéhna nyorowok, jempol uing leuwih singer mencet silent. Jep.

Fikmin # Tukang Tahu #


Wanci lingsir. Pihujaneun geus ngagarayot, sabregbregeun. Mang Juha kakara réngsé nyitak tahu, Bi Ėom kakara bérés gégéroh. Wanci kalangkang satangtung , paralak, paralak! Cihujan, sagedé kadelé lir nu diawurkeun ti langit. Deregdeg Bi Ĕom ka buruan, nyait papakéan. Bélaan kancah eusi minyak jang ngagoréng tahu ditinggalkeun. Mang Juha teu éléh pakpikpek. Sieun kabancuh. Ngasup-ngasupkeun suluh, ngampihan Si Jago. Belaan ninggalkeun béca nu keur didangdanan ranténa.
Di kamer. Anakna , jajaka. Lalanggiran, jongjong maén PS.
Tengah peuting. Bi Ėom jeung Mang Juha miang ka pasar. Sarung diharudungkeun. Bi Ĕom leumpang diiringkeun ku hégakna béca, ngarayap na tanjakan Piadeu. Kaléng tahu, tinggerendeng jeung baturna, nyemplékan simpéna janari. Ramo suku Mang Juha, teu disendal, tipepereket nyoco aspal nu semu lésang, ditiban hujan ti soré kénéh. Nyorong beca.
Sora knalpot nu dibobok, ngadorotot. Ti mumunggang Piadeu. Motor nyemprung. Guluang-galéong. Jedak! Neunggar trotoar, lima léngkah hareupeun Bi Ĕom. Kerejet, kerejet! Hos. Anakna ngaleupaskeun nyawa.

Senin, 21 Januari 2013

Fikmin #My Salwa My Palestine#



Sakuliah Palestina ngarasakeun kumaha balukarna resolusi PBB ngeunaan “Pembagian Wilayah”. Zionis ngokop saban wewengkon kaasup Ardalah. Tilu wargana tiwas, pon kitu deui bapana Yousif.
Ardalah éndah pareng halodo. Hawa seger nebak zaitun, anggur, jeruk ngaremploh lebakeun pasir nu ngabungking. Tapi cakueum pikeun Yousif. Can gé tujuhna dikantun rama, der Salwa, mojang geulis bébéndéna, bakal dikawinkeun Poé Minggu.

Garéja Ortodoks Roma pinuh ku kulawarga pangantén, galumbira. Di altar, Salwa alum nyanghareup ka pisalakieunnana, diapit Pastor Samaan. Na bangku pangtukangna, Yousif tungkul nahan peurih jeung timburu, nyaksian panutan, ditikah batur.
Pastor méré isarah. Gareja simpé. Dua pananganna nu nyepeng Injil diangkat, seja macakeun ijab. “Sateuacan kuring nikahkeun ieu pangantén, numutkeun aturan, mangga bisi aya nu teu panuju kana ieu pakawinan, sok unjukan”. Sajongjongan Simpé. Hidmat.

“Kuring teu satuju!” Gareja peupeus. Yousif leumpang nyampeurkeun altar.

Minggu, 20 Januari 2013

Fiksimini # 2070 #


Ku Irfan El Fikr
"Prtteung! pirta pat kurtakang", ceuk Josh. Lumpat. Selebrasi pamaèn bal nu tos ngagolkeun. Kacamata PS Virtual Z, mèh lesot tina sirahna. Kuring ngarhuh. Lain ku polah budak, lain ogè ku tèhnologina, ngan èta ku bahasana nu beuki teu kaharti. Teu karasa berebey cipanon nyalangkrung na pipi karidut. Teu kawawa, ngolèbat deui kajadian baheula genep puluh taunan ka tukang. Harita, Taun 2013, mangsa pamarèntah nu ngawasa ngaleungitkeun Bahasa Daerah tina kurikulum. Ti harita, Basa Sunda pikawatireun nasibna, ti taun ka taun kalindih ku mangrupa-rupa bahasa, malah ka
bèhdieunakeun loba bahasa anyar. Bahasa lir modeu, gunta-ganti saban wanci. Sakalieun dipaparin umur panjang, kuring dianggap pireu

Kamis, 17 Januari 2013

Pahatu

Ku Irfan El Fikr

Angin lirih malipir, kingkin. Ramat nu geus ditinggalkeun lancahna, pajuranteng unggut-unggutan luheureun hawu, ngemu kabingung. Sééng jeung katél, nyangkéré. Pabéasan calangap, téténong nyempod. Beueus bau supa tina lebu jeung hawu nu laas kahuru, nyambuang minuhan rohangan dapur.
Na palang dada nyangheuy tungtung tambang nu nganteng tina talang.
"Ema... lungsur, ujang lapar..."
Leungeun Kuswara ngageubig-geubig suku Indungna nu ngagantung.

Jumat, 11 Januari 2013

"Ratna"


Ku Irfan El Fikr
Rambut kulawu, soca celong, cileuyeu. Tulang damis naronjol, kumis rogok, lambé
bareulah. Nu nyaangan, ukur cahya nu ranteng tina lolongkrang bilik nu carang, nganteng nyorot borelakna kekebul nu nyambuangkeun hapeukna kamar.
Waruga Arya nu kantun tulang, ngajepat disimut bodas salursalur hideung. Lalaunan lambéna ngunyem, disarengan ku gilirna soca méré isarah ka Indungna. Aya nu badé didugikeun rupina. Ma Iyom surti, nyaketkeun cepil kana Lambé Arya bari ngusapan rambut putrana deudeuh pisan.
Teu kawawa cisoca Ma Iyom murubut ngahujanan waruga nu nembé ngaleupaskeun nyawa. Ngaleupaskeun saniskanten siksa batin nu salami dua taun ieu disidem di lebet dadana, disimpen minuhan kamerna, ku asma hiji wanoja nu salami ieu mapaesan lambéna.

Kamis, 10 Januari 2013

Fikmin #Lalampahan Angin#



Tengah poé éréng-éréngan, hawa nyongkab, bayeungyang. Ti lebah lamping, angin rerencepan muragkeun daun haréndong. Reg pipireun saung, ngeteyep, ceuli rancung ngabandungan nu haroshos di jero saung.

"Hampura Ceuceu ...." 

"Sami-sami ...."

Dua wanoja, dibantalan tas silih usap, silih rangkul, silih ébréhkeun kadeudeuh. Kadeudeuh lain ukur babaturan atawa duduluran. Asih nu dipahing, asih nu teu matut nyanding. 

Deregdeg angin lumpat ka mumunggang, nubruk-nubrukkeun awakna kana sakumna pangeusi pasir. Kakayon, dangdaunan, jujukutan, jeung sasatoan paburisat. Laju ka awang-awang ngéwat méga nu pinuh ku pihujaneun. Balik deui mawa cai teu sirikna sagedé-gedé kaléci. Angin ngaberung lumpat ti mumunggang neumbrag saung, paburantak; Kenténg, bilik, jeung dua layon wanoja nu méh taranjang, parangkul.

Sabtu, 05 Januari 2013

Fiksimini # P A H A T U#



Angin lirih malipir, kingkin. Ramat nu geus ditinggalkeun lancahna, pajuranteng unggut-unggutan luheureun hawu, ngemu kabingung. Sééng jeung katél, nyangkéré. Pabéasan calangap, téténong nyempod. Beueus bau supa tina lebu jeung hawu nu laas kahuru, nyambuang minuhan rohangan dapur.

Na palang dada nyangheuy tungtung tambang nu nganteng tinta talang.

"Ema... lungsur, Ujang lapar..."

Leungeun Kuswara ngageubig-geubig suku Indungna nu ngagantung...

 

Arsip Blog