Selasa, 14 Februari 2012

Carita Silat Sunda

Carita Silat Sunda: Carita silat Sunda? Aya kitu? Aya pisan, malah kungsi jadi primadona di taman bacaan nu sumebar di sakuliah Tatar Sunda. Mangga taroskeun ka urang Sunda nu resep maca, anu geus sawawa dina taun 1970-an, pasti apaleun kana buku-buku silat Sunda. Duka naon tah ngaran resmina genre bacaan Sunda samodel kieu teh. Ngan nu jelas eusina teu jauh tina pakem buku-buku silat sejenna anu ayeuna aya keneh. Bedana teh basa nu dipakena basa Sunda.

Buku-buku silat Sunda mangrupa bagian tina sumebarna bacaan Sunda nu tumuwuh subur dina dekade 60-an jeung 70-an. Lian ti silat Sunda, aya oge anu sok disebut roman Sunda. Sawareh mah malah nyebutna teh roman picisan, sabab dianggap euweuh niley sastrana. Ieu mah biasana leuwih loba nyaritakeun kahirupan sapopoe dina setting Sunda, dibungbuan ku 'romance' minangka pangirut sangkan loba nu maca (jigana mah).
Gambar jilid buku karangan Ki Masram
Sanajan teu ngalaman puncak kajayaan buku-buku Sunda samodel kieu, tapi untung kuring masih kabagean keneh 'buntutna'. Waktu kuring di SD, masih aya sababaraha buku Sunda sesa taman bacaan pun bapa. Serial Gumilar, Si Ruyung Kawung, Si Buntung Jago Tutugan, Waliwis Bodas, jeung sababaraha judul sejenna karangan S. Sukandar jadi bacaan favorit kuring. Lian ti S. Sukandar, aya deui sababaraha pangarang sejenna nu masih keneh inget, diantarana Wahyu Adam, K. Sukarna, Ki Masram, jeung Entang Sumarna.

Hanjakalna buku-buku samodel kieu teh euweuh pisan dokumentasina, komo deui nepi ka diasupkeun kana buku-buku pangajaran basa Sunda mah. Mungkin bae ieu teh ku sabab dianggap euweuh niley sastrana tea. Padahal sanajan kumaha bae oge, buku-buku Sunda samodel kieu teh kungsi gede jasana dina nyebarkeun tur ngamumule basa Sunda. Buktina pan harita mah kaasup bacaan populer tur pada mikaresep. Ieu teh minangka salah sahiji ciri yen basa Sunda masih dipikawanoh tur dipareke ku urang Sunda dina kahirupan sapopoe.

Dina padungdengan para inohong Sunda, asana buku-buku Sunda saperti kieu mah tara disabit-sabit. Duka tah, naha di jurusan sastra Sunda pangarang-pangarang Sunda saperti S. Sukandar spk sok diwanohkeun atawa tara. Lamun tara teh tetela kacida teuing, sabab ku paniten kuring mah katapisan ngagunakeun basa Sunda aranjeunna teh kadang-kadang leuwih alus tibatan para pangarang entragan kiwari anu majar 'moyan'. Jeung apan sanajan kumaha bae oge, buku-buku Sunda samodel kieu teh mangrupa bagian tina 'perjalanan' basa Sunda tinulis anu sawadina ulah dipopohokeun.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog