Jumat, 20 Januari 2012

Tunggara

Ngahérang neuteup lalangit kamer. Bruh-bréh lalampahan nu geus kasorang. Leketey haténa ngaleketey nalika inget kana kajadian tadi subuh.

Angin ipis nebak dangdaunan, ting kulisik. Bancét récét, jangkrik ngingkring, kalan-kalan sora buek disada na tangkal waru sisi kulah. Na luhur dipan Nining banjir cimata, teu wani bekas, beungeut di suksrukkeun kana bantal. Bohlam lima wat nu geus teu hérang deui belingna, kakalicesan jiga nu rék pareum.

Peuting beuki jempling, Angin jiga nu eureun ngarenghap. Bancét teuing kamarana, pon nyakitu deui buek teuing kamana losna. Tapi haté Nining beuki asa disosoék, pikiran pagaliwota, tingceuleuweung tingkoceak, antukna Nining anjog ka biwir gawir. Jiwana teu mampu nahan kasedih, sukmana teu kuat nahan kapeurih, pikiranna teu bisa leupas miceunan gambaran-gambaran kalakuan bapa téré tadi subuh ka dirina, sanggeus nganteurkeun indungna ka pasar. Haroshos ambekannana, rogok kumisna, ranggeuman ramo-ramo kasarna karasa lir hinis nurihan sakujur awakna.

Kapeurih Nining beuki ngajadi, mana bréh kagambar indungna, luat léét késang néangan kipaya di pasar, demi manéhna, demi bapa téréna nu teu boga gawé.

Teu kawawa nandangan tunggara, Nining ngajerit maratan langit, bari neunggarkeun sirah kana tembok kamar satakerna. Nining palastra guyang cimata.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog