Jumat, 20 Januari 2012

Teu Walakaya ( Akhirnya Versi Sunda)

Kukitunamah uyuhan hirup kénéh gé. Ungal waktu disiksa, unggal mangsa dikakaya. Diawur mah diawur ngan kumaha bisa ngahuap ari dikungkung mah. Saking ku teu kuatna malah kungsi rék nelasan diri ku ngagantung karep na tangkal jéngkol pipireun imah. Ngan untungna ka tangén ku Mang Juha nu rék nyadap. Bedo wé antukna.

Timangsa ka mangsa awakna beuki ngorotan, tatuna beuki gudawang. Di kamarna, ramat ting karayap na tembok pulas biru campur lukut. Bau supa, hangsuer, koweh jeung bau awakna campuh parebut tempat dina pangambeu. Manéhna ceurik balilihan. Kalan-kalan seuseurian sorangan, keukeuleuweuhan, ngobrol sorangan.

Kolémbar deui saurang wanoja, maké dangdanan pangantén, ngjingjing gobang. Digéndéng saurang lalaki. Imut ngagelenya, leumpang kahareupeun manéhna. Bari keclas gobang ditigasken keuna pisan kana haté manehna.
Barawak!.
Tatuna nyiklak dui, gudawang deui. Jerit manéhan ngajerit. Ceurik balilihan.

"Téga anjeun jungjunan! Tega! Anjeun sulaya! Naon atuh dosa akang jungjunaaaan!"

Brak!
Panto kamerna muka. Indungna ngajerit, terus kapiuhan. Lanceuk awéwéna ngocéak bari nangkeuup suku adina nu ngagantung.
Asep Opat taun nandangan gering batin, perlaya digantung karep ku kapeurih di tingal kawin bébéndéna. Teu basa, teu carita.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog