Jumat, 20 Januari 2012

Ngahuhuleng

Langit angkeub, anging ngagelebug, tatangkalan rarampayakan. Ti beh kaler guludug gegerem handaruan. Manéhna ngahuhuleng sanggeus maca surat ti kulawarga kabogohna.
"Teu nyana kieu jadina. Asa dibentar gelap ngadéngéna!!", gerentesna.

Jelegér!
Jelegér! Gelap ngabéntar awakna.

Sabada Isa hujan teu raat. Manehna ngajanteng ngahuhuleng, nempokeun pasaran nu mawa awakna ka pajaratan.


@Banjar2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog