Jumat, 20 Januari 2012

Lami Ngantosan


Ku Irfan El Fikr
Leguk, leguk. Terus ngahuhuleng. Hawa panas nerekab tina beteungna, ngarayap kana dada, tikoro, uraturat na jero irung tuluy kana panon. Bererbey tina juru panonna, cimata campur getih ngalemereh mapay damis Halimah.
gubrag awakna ngagubrag bari nangkeup Cep Imron, anakna nungalelmpreh.
Botol Bayon ngagoler na biwir panto kamar, samping beureum nyangheuy kana dipan. Salamar surat na tonggongeun hiji indung nu nangkeup anakna, mateni diri.
"Ka Kang Sarji.Hampura abdi mawa si sujang balik ka kalanggengan. Abdi teu kiat pami langkung lami kedah ngantos akang nu taya wartoswartosna acan"
@Banjar2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog