Jumat, 20 Januari 2012

Kabinabinabina

Emod cingogo di pipireun tajug, sisi sawah. Najan dua poe ieu hujan teu weleh turun pasosore, tapi can ieuh sawah caian, reumis na tungtung jukut, narangkod pindah kana bulu sukuna.
Jangkrik reang, awor jeung sora kararas nu cingkulisik katebak angin. Bari lelenggutan Emod terus bajoang ngaleupaskeun beuteungna tina kanyeri kualatan loba teuing barang dahar.
"Teu kirakira Emod...ngadurat teh atuh montong tukangeun tajuuuug!"
Ceuk hiji sora tankatingal jirimna.

Panon poe meletek ti tebeh wetan.
Kulisik Emod lilir, hawarhawar sora nu cing kecewis, beuki lila beuki atrat. Bray panona beunta.

@Banjar2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog