Jumat, 20 Januari 2012

Cinta, Naha Anjeun Datang bet Telat?

"Naha urang tiasa hirup sasarengan kang?"

Pananya Neela ngagantung na mega beureum, angin mawa dalingding kapeurih ati ngusap dangdaunan. Holodo nyeuseup sakumna cai na kulit sawah; bareulah lir hate Neela Jeung Rafik.
Rafik males ngaranggeum ramo Neela nu cebrek kukesang tiis, geugeut lir layung jeung beureumna.
"Rupina urang..."
Panon Rafi peureum nahan cimata nu teu kabendung, maseuhan pipi. Ngaharep cimata bisa ngamalirkeun kapeurih ati nu ngageugeuh sukma. Angin ngarangkul jeung ngusapan maranehna nalika Rafi neruskeun ucapanana,
"Rup-ru-pi na urang kedah carita cinta urang,geulis..."
Teu kawawa cimata bedah ngabanjiran halodo panjang, Rafi jeung nela silih rangkul geugeut, tipepereket. Sagala rasa nu disidem dua taun lilana, rumegang namasingmasing atina ngabuah amis-peuheur.
Takdir teu beunang dipungkir, cinta datang teu nyaho di wayah, katresna norojol lain waktuna. telat. Nalika Neela keur rumah tangga, boga anak opat sedengkeun Rafi jajaka nukeur neangan kembang pibatureun hirup, dipanggihkeun di dunya teu nyata, pesbuk, sms, jeung teteleponan geus ngahudang katresna maranehna.
Dua taun lilana silih asah silih asih, najan jangji mo rek papanggih, da apal kana temah wadi, sadar kana masingmasing diri. Tapi Cinta teu beunang diulahulah, lir gelas kosong, unggal waktu keclakkeclak katresna minuhan hatena, tug nepi kadua taun lilana. poe ieu, pasosore maranehan teu kawawa nahan kasono, mutuskeun papanggih di wates September tapal beurang jeung peuting.
Tepung munggaran jeung panungtungan, mungkas sagala carita nu dua taun lilana dicutat na megamega, dua taun lilan sora jeung tulisan silih geuingkeun silih ingetan, dua taun lilana hate Neela rerencepan nyelapkeun Rafi di satukangeun salaki jeung budakbudakna. Dua taun lilana maranehna duaan nyidem kembang samoja, bodas, seungit ngan teu pantes hirup na pakarangan.
Tibelat.
Cinta nudatang telat, kudu dipungkas najan beurat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog